Thursday, 5 March 2009

Mata Bintit

Poe kamari, hudang isuk isuk panon kenca kuring rada nyeri, asa barareuh, jeung rada ateul.. Jug nangtung tinu kasur, kuring indit ka cai, gek dinu kloset bari mikir kunaon ieu panon gening beut nyeri nyeri teuing. Saenggeus beberesih kuring ngenteung.. Gusti geuning panon kenca kuring teh bintit.. meni bareuh, cindul meni gede. Geus mah sipit panon teh, ayeuna katambahan cindul, kuring ngarasa meni asa beuki goreng patut.

Balik ka kamar kuring ngahudangkeun salaki, ”pa..pa”, ceuk kuring bari ngaoyag oyag sukuna, ”geura gugah, tos subuh” ”kela kagok” tembalna bari ngabalik terus ngarengkol deui. 
Jadi kuring teh neruskeun ngenteung, bari mikir naha mata bet bintitan.
”pa, ieu panon kuring naha geuning bet kieu” ceuk kuring bari ngaoyag-oyag deui suku salaki. ”kunaon ?” tembalna bari terus hudang. ”Duka kunaon atuh ieu teh mata bintit jadi leutik sabeulah” ”lain leutik sabeulah eta mah, gede sabeulah” tembalna bari seuri. ”na atuh mamah tas noong saha? Eta mata meni bareuh kitu” 

”euh saha tuh anu rek ditoong jaba teuing naha mun mata bintit sok disebut tas noong batur” ceuk kuring bari keuheul. Untung salaki teh bageur..”sok kadieu urang keclakan ubar” ceuk manehna bari terus mukakeun wadah ubar.

Hudang sare, si Jalu ge heraneun ningali panon kuring ”naha eta soca mamah janten kitu” manehna nanya bari heraneun ningali mata kuring. ”enya duka kunaon atuh ieu teh”

Poe eta kuring teu kamamana, si Jalu di anteur jeung dipapagkeun ka sakola ku bapana.
Balik sakola si jalu ningali kanu panon kuring. ”mah panginten Jalu terang kunaon soca mamah tiasa kitu” ceuk manehna bari terus nyokot kertas jeung patlot terus cocoretan.

Teu pati lila si jalu nyampeurkeun bari ngangsorkeun kertas anu aya gambar manehanana ”Tah katingalnamah kajantenanna kieu”

”na atuh naon eta teh jalu?” ceuk kuring bari seuri. ”Aya beurit ageung ngegel soca mamah tadi wengi” tembal si Jalu 
”na atuh mana ayeuna beuritna” ceuk kuring nahan seuri. ”Beuritna ayeuna mah tos kabur, sieuneun ku Jalu” ceuk manehna bari terus seuri oge.