Friday, 25 September 2009

Jaluwening Wangsanagara

Tulisan ieu, tulisan kadua abdi nganggo basa Sunda, nu ngawitan mah tulisan perkawis soca kuring waktos bintit tea, ditulis dina Blog teras otomatis ka kopi ka Facebook. Tulisan kadua ieu saleresna mah kapancing ku ceu Mia, anu ngajurung abdi kangge nulis deui ngangge basa Sunda..

Tulisan Panon Bintit, diserat nggange basa sunda loma, upami anu ieu mah nyobian nyerat ngangge basa Sunda anu langkung lemes, isin bilih ka aos ku sepuh, utamina ku mitoha abdi.

Hehe.. Saleresna pami kahoyong nulis mah tos tikamari, tapi margi pakepuk tur pabaliut ngadamelan kueh tea, janten nembe ayeuna kacumponan nulis.

Carios ayeuna ngeunaan ngaran pun anak, Jaluwening Wangsanagara..
Anak kuring nembe hiji, sareng caroge simkuring tos paheut nganamian eta budak Jaluwening Wangsanagara, nenehna JALU. Singket, padet, teu peryogi disebatkeun deui lalaki atawa awewe, da pasti uninga sadaya oge pami Jalu mah pasti lalaki.

Janten kaemutan basa ngawitan nyebatkeun yen ngaran budak teh Jalu, aya rerencangan anu kirang panuju, sanggemna teh kieu; “Geus puguh budak teh lalaki, naha bet kudu diaranan deui Jalu?”
“Teu sawios” waler abdi, “Sim kuring mah mung bade ngegeskeun hungkul, yen pun anak lalaki, katambih deui urang Sunda, …. Pami teulepat putra teteh ge namina mihak ka gender sanes ?… mung teu patos jelas asal muasalna ti mana…” saur abdi bari seuri.

“Naha kunaon make kitu?” tembal anjeuna bari morongos,
teu lami anjeuna ngelemes isineun bari ngaleos basa anjeuna emut yen putrana diaranan Boyke

***Hapunten kanu kasebat pami ngaraos… sanes sim kuring bade nyidiran. (jalmina aya di list friend facebook kuring hehehehe …) ***

Balik deui ka asal muasal ngaran pun anak, Jaluwening Wangsanagara…

Nami Wangsanagara diturunkeun ti uyutna, akina caroge, bapana mitoha, Raden Ma’moen Wangsanagara.

Anjeuna teh katelahna aya keneh turunan menak Sunda Buhun, anu asalna ti rundayan kulawargi Purakusumah, teu patos apal pastina kumahanana mah, mung saurna aya keneh turunan ti Pangeran Papak, putra Prabu Siliwangi, anu makam na aya di Cinunuk Garut.

Pami Jaluwening na mah asalna kieu;

Mangsa babar ku si Jalu, kuring sareng caroge teh nuju resep-resepna maca buku roman sejarah Puragabaya, salah sahiji karya sastra na Pa Saini KM.

Carita Puragabaya kawitna mangrupi cerbung (carita nyambung) anu unggal dinten dimuat dina Koran Pikiran Rakyat salami tujuh taun kinten-kinten dina mangsa taun 70an. Jaman harita dongeng Puragabaya teh saurna mah populer pisan, kaleresan sim kuring mah teu ngalaman nyalira da nembe lahir tea…. Xixixi…

Satamatna dina Koran, ieu carios teh dicetak tur dibukukeun, kabagi janten 12 buku anu masing-masing buku nyarioskeun tokoh-tokoh utami na.
Tah ieu daftar ka-12 buku na teh;
1. Pangeran Anggadipati
2. Puteri Mayang Cinde
3. Puteri Yuta Inten
4. Jante Jaluwuyung
5. Banyak Sumba
6. Satria Pengembara
7. Sepundi-pundi Racun
8. Puteri Emas Purbamanik
9. Mencuri Abu Jenasah
10. Tertangkap di Kutawaringin
11. Raden Jimat
12. Pertempuran Terakhir

**pami teu lepat buku ieu teh di cetak deui taun 2008 ku Penerbit Bentang Pustaka Yogyakarta (grup Mizan), mung dibagi janten 3 jilid; Pangeran Anggadipati, Pangeran Banyak Sumba & Pertempuran Terakhir … detil na… mangga pilarian nyalira di palasari / toko buku pangcaketna ka rorompok saderek, kantos dibahas oge ku koran PR


Inti carios Puragabaya ieu teh benten sareng roman silat biasa, Pa Saini KM nyambungkeun carios ieu sareng sejarah Tatar Sunda. Lalampahan lalakon na dicarioskeun dina jaman Karajaan Pajajaran basa saatos ibu kota Pajajaran ngalih ti Galuh (ayeuna mah di daerah Banjar Ciamis) ka Pakuan (ayeuna daerah Bogor).

Pendekar-pendekar anu gaduh lalakon teh lain anu jangkung ageung siga Rambo atanapi ngabogaan pusaka anu digdaya, teu ngagantung kana keris/gobang kabuyutan, tapi pendekar anu ditempa dina hiji latihan fisik jeung mental di paguron Tajimalela, anu jago elmu kanuragan, pinter dina elmu kadunyaan, tur molotok dina elmu kaagamaan.

Puragabaya mangrupi pasukan elit karajaan Pajajaran, gabungan antawis pendekar, sareng pendeta, nu hade laku lampahna, pinter, wicaksana, tur nyantana. Dipilih ti kulawargi Pangeran nu kawasa di tatar Pajajaran.

Anu gaduh lalakon teh Pangeran Anggadipati saparakanca, pendekar sunda nu ngajagi Pajajaran. Salah sahiji lalakonna Pangeran Jante Jaluwuyung, anu teras janten ide kanggo nami pun anak si Jalu

Ari nami wening mah hartosna beresih, jeung caang.

Janten Jaluwening ngabogaan harti lalaki beresih, du’a kuring & caroge salaku kolotna, ngaharepkeun ieu budak teh tiasa janten lalaki anu laku lampahna bersih, hatena bersih, bersih sagalana… langkung-langkung pami janten jalmi nu tiasa ngabersihan sadaya “kakotoran” nu aya di Tatar Sunda mah.

Jaluwening Wangsanagara, Lalaki bersih ti kulawargi Wangsanagara….. Amin…

tambihan :

Tina carios Puragabaya, sim kuring ge narik kasimpulan, yen nami sunda teh sanes Asep, Dedi, Dadan, jsb, saseueurna nami anu nyunda pisan mah dicandak tina ka agungan alam, contona mah mangga tingal salah sahiji nami ti judul di luhur, “Yuta Inten”

Inten hiji wae gurilapna tos nyimaan sadaya jalmi, komo deui pami sajuta… ieu nami teh janten du’a kangge budak anu ngagaduhanna supados tiasa ngagurilap jiga inten, komo deui pami katambihan budakna geulis tur bageur… sareng kitu kolotna ge tangtos ngajagi supados budak na salaras jeung ngaran…

Saleresna hiji alternative (punten ah urang sunda ge tiasa da nyebutkeun F) nami si Ujang anu bedo diangge nyaeta Gelapnyawang.

Nanging aya nu teu panuju margi ngahartoskeun Gelap kana basa Indonesia anu hartina poek, padahal dina basa Sunda mah gelap the hartosna “petir”, janten pami dihartoskeun kana Basa Indonesia, Gelapnyawang teh hartina “petir mengintai”. gagah pisan.

Ke ah, wios namina disimpen heula.. panginten bae engke si Jalu bade kagungan deui rai lalaki. ^_^